Wednesday, 27 September 2023

DAREUDA

Paturay

Pileuleuyan-pileuleuyan

Ti ayeuna urang téh bakal paanggang

Anggang sotéh ukur dina titinggalan

Tebih sotéh mung dina rérétan

 

              Dina manah urang tetep sasarengan

              Dina kalbu teu paanggang

              Na émutan urang tetep sasarengan

              Pileuleuyan-pileuleuyan

   duh akhir paanggang

 

                              Katineung tali tineung anteng mayeng

                              Simpay leungeun teu galideur tetep nganteng

                              Ci soca tandana manjang kahéman

                              Dareuda mah duh sora katresna




emut pun biang

DAREUDA

Paturay Pileuleuyan-pileuleuyan Ti ayeuna urang téh bakal paanggang Anggang sotéh ukur dina titinggalan Tebih sotéh mung dina réréta...