Paturay
Pileuleuyan-pileuleuyan
Ti ayeuna urang téh bakal paanggang
Anggang sotéh ukur dina titinggalan
Tebih sotéh mung dina rérétan
Dina
manah urang tetep sasarengan
Dina
kalbu teu paanggang
Na émutan
urang tetep sasarengan
Pileuleuyan-pileuleuyan
duh akhir paanggang
Katineung tali tineung anteng mayeng
Simpay leungeun teu galideur tetep nganteng
Ci soca tandana manjang kahéman
Dareuda mah duh sora katresna
emut pun biang